Sajak Sunda | Jante Arkidam karya Ajip Rosidi





My Favorite Sajak :*

JANTE ARKIDAM KARYA AJIP ROSIDI


Panonna beureum siki saga

Lengeunna seukeut lalancip gobang

Niplasan badan palapah gedang

Arkidam, Jante Arkidam



Di pangaduanndi kalangan ronggeng

Ngan hiji jagoan

Arkidam, Jante Arkidam



Ti peuting angkeb ku mendung

Jante raja alam petang

Matek aji panarawangan

Manjing ka liang sasoroting sinar

Jaruji beusi pakgade milang ku ramona



Ngagisik hayang sidik

Jante mencrong mantri pulisi:

"Ki Mantri, tindakan andika lelewa bikang

ngabokong jalma keur tibra!"



Arkidam ditalikung leungeun dua

Sorot matana ngentab seuneuan



Samemeh beak poe kahiji

Jante minggat nitih cahya

Kalauar ti panjara



Samemeh cuntuk peuting kahiji

Mantri pulisi nyungseb di dasar walungan

Teu nyawaan

3 komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.